Identitas
Buku
Judul : Talaga Malihwarni
Karya : Aam Amilia
Pamedal : Syabas Books
Taun Terbit : Kahiji, Oktober 2012
Kandel Buku : 73 Kaca
Ringkasan
Eusi Carita
Carpon Talaga Malihwarni nyaritakeun soang anu nyarita
ngeunaan kahirupannana. Soang eta the ngaranna Swan. Swan miboga pamajikan
ngaranna Swani anu miboga dua budak. Swan the nya eta soang anu dipiara ku juragan
anu miboga imah agreng nya sigrong. Juragan eta ngaranna Sarwagaya Djumawadja
anu resepeun pisan kana kacapi suling. Lagu-lagu anu sering dihariringkeun the
nya eta lagu-lagu Cianjuran. Kadang oge eta juragan the sok ngulem seniman
pikeun ngahariringkeun kacapi dipakarangan tukang tempat Swan jeung Swani
arulin di Talaga Malihwarni. Talaga malihwarni nya eta balong anu dipelakan
lauk warna-warni jeung kembang tarate. Aya parahu leutik dua paragi juraga
istri jeung juragan pameget lalayaran, sabari ngadengekeun kacapi suling. Lamun
juragan keur lalayaran boh keur ngadengekeun kacapi suling Swan jeung Swani the
sok ngabaturan sabari ngojay dina talaga malihwarni. Teu lila pamajikan juragan
Sarwagaya the pupus, juragan pameget the sok kacida sedihna, jadi mindeng
nyorangan disaung. Atuh Swan jeung Swani jadi mindeng deuih dititah
sosoloyongan dibalong. Ayeuna mah jarang ngulem seniman cukup ku ngadengekeun
lagu tina kaset wae, sok terus merebey mili. Ongkoh maotna ngadadak pisan
piisukaneun ninggal the make paparahuan sagala jeung juragan pameget, malah
dirungrum sagala juragan istri the. Juragan istri anu kacida resepna kana soang
bodas. Geus kaasup cita-cita ker ngora hayang boga imah make balong. Lain
balong ker kokojayan, tapi keur lalayaran make parahu leutik. Jeung paragi
ngojay soang. Cara dina film Swan Song. Enya ayeuna mah talaga malihwarni the
lain ukur ngaran kalangenan juragan, tapi malihwarni jadi FO. Kanyeri kapeurih
juragan karasa ku Swan, saprak Swani maot.pileuleuyan Swani. Swan jangji moal
ngamomorekeun anak urang. Panonna nenjo kana cai di balong nu ririakan, kana
tatangkalan nu tinggarupay, kana sasatoan nu keur karokojayan, tapi hatena
teuing di mana.
Unsur
Intrinsik
Tema : Kahirupan Soang
Palaku jeung
Watek :
Swan (soang) : Nyaahan, mikacinta
Swani (soang) : Nyaahan, mikacinta
Sarwagaya Djumawadja (juragan pameget) : Nyaahan,
mikacinta, berehan, bageur
Enggah Sabda : Nyaahan, bageur, berehan, mikacinta
Alur :
Alur Maju
Setting ( Galur jeung Latar ) :
Tempat : Di
imah juragan anu agreng sigrong, dijalan, di Talaga Malihwarni, dikandang, di
mobil.
Waktu :
Pasosore, pasisiang, peuting, isuk
Suasana :
handeeul, sedih, bungah
Amanat :
Harta teu jadi sagalana, teu sagala nu miboga harta teh bagja hirupna, harta
teh teu salilana merekeun kabagjaan, urang oge salaku urang sunda kedah
ngamumule kana budaya sunda.
Unsur
Ekstrinsik
Kasang
Tukang Nu nyiciptana
Aam Amilia lahir di Bandung. Mimiti nulis keur di SMP
keneh. Saterusna nulis dina dua basa, basa sunda sareng basa Indonesia. Nepika
ayeuna geus nulis 22 judul buku fiksi/nonfiksi, di antarana 8 buku biografi
sababaraha tokoh: “Samagaha” (1969),”Asmara Ngambah Sagara” (1970), “Karena
Kasih Sayangmu”(1978), “Buron”(1983), “Di Ujung Bayang-Bayang”(1989), “Bintang
Panggung: Biografi Tati Saleh”(2001). Aam geus remen narima penghargaan, boh
pikeun karyana dina basa Indonesia boh basa sunda. Pikeun jasana dina widang
sastra budaya Aam geus narima anugerah budaya ti Walikota Bandung jeung
Gubernur Jawa Barat.
Kasang Tukang Nyiptakeun Novel
Kasang Tukang Masarakat : Kondisi masarakat anu tara
mikanyaah ka sato nu aya disakurilingna, aya oge anu mikanyaah ka sato kumaha
sikep manusa.
Kasang tukang Pangarang : pangarang teh resep ngarang
kana karangan ngeunaan sasatoan, ieu pangarang nyieun carita teh sangkan urang
ge salaku manusa bisa ngarasakeun naon anu ku sato rasakeun saumpana lamun sato
bisa ngomong meren sato ge ek ngomong kumaha rasana jadi sato.
Nilai nu aya dina novel : miboga nilai anu kacida hade
na, dimana lamun urang maca ieu carita karaos pisan naon anu aya dina
carita teh. Dina ieu carita urang tiasa
ngarasakeun kabungahan, kasedihann anu dialaman ku sato, ceunah ceuk sato
“lamun urang bisa ngomong” meren sato ge dek ngedalkeun naon anu dirasakeunna.
Kaleuwihan jeung Kakurangan Buku
Kaleuwihan :
buku ieu sae pisan diaos ku sadaya yuswa, sangkan ngahudangkeun jiwa urang
pikeun mikanyaah, mikadeudeuh ka sato. Basa dina ieu carita oge gampang
dipahamna.
Kakurangan : Caritana kurang loba, ngan ngawengku
sababaraha judul.