Sajak Cicing


KOSONG

Cicing ...
 Éta bisa dikubur loba kecap
 Lemut rébuan rasa Tahan pangjurung pinta
 Nu baheulana hoyong wangsit sacara kakuatan

 Cicing ...
Bisa moal deui rék nyarios Kapanggih sepi sareng kosong
'Pikeun nyumput diri ti dunya
Anu ngalahirkeun henteu resep tanpa ngareureuhkeun

 Cicing ...
 Bisa jadi cukang pikeun tatu sareng kuciwa
Ngutuk jiwana di angkara Sanaos sakabeh kahirupan Anu henteu tiasa deui akreditasi
Kudu tiiseun diganggu Dina maksa panyilidikan
Atanapi kedah tiiseun teu dipalire Kalayan tiiseun gumbira
Cicing ... Jaga seueur tanda Siga naroskeun tanpa ngajawab ...

Tugas Mata Kuliah Teori Sastra Analisis cerita pondok "Talaga Malihwarni" Karya Aam Amilia


Identitas Buku
Judul                : Talaga Malihwarni
Karya               : Aam Amilia
Pamedal           : Syabas Books
Taun Terbit      : Kahiji, Oktober 2012
Kandel Buku    : 73 Kaca
Ringkasan Eusi Carita
Carpon Talaga Malihwarni nyaritakeun soang anu nyarita ngeunaan kahirupannana. Soang eta the ngaranna Swan. Swan miboga pamajikan ngaranna Swani anu miboga dua budak. Swan the nya eta soang anu dipiara ku juragan anu miboga imah agreng nya sigrong. Juragan eta ngaranna Sarwagaya Djumawadja anu resepeun pisan kana kacapi suling. Lagu-lagu anu sering dihariringkeun the nya eta lagu-lagu Cianjuran. Kadang oge eta juragan the sok ngulem seniman pikeun ngahariringkeun kacapi dipakarangan tukang tempat Swan jeung Swani arulin di Talaga Malihwarni. Talaga malihwarni nya eta balong anu dipelakan lauk warna-warni jeung kembang tarate. Aya parahu leutik dua paragi juraga istri jeung juragan pameget lalayaran, sabari ngadengekeun kacapi suling. Lamun juragan keur lalayaran boh keur ngadengekeun kacapi suling Swan jeung Swani the sok ngabaturan sabari ngojay dina talaga malihwarni. Teu lila pamajikan juragan Sarwagaya the pupus, juragan pameget the sok kacida sedihna, jadi mindeng nyorangan disaung. Atuh Swan jeung Swani jadi mindeng deuih dititah sosoloyongan dibalong. Ayeuna mah jarang ngulem seniman cukup ku ngadengekeun lagu tina kaset wae, sok terus merebey mili. Ongkoh maotna ngadadak pisan piisukaneun ninggal the make paparahuan sagala jeung juragan pameget, malah dirungrum sagala juragan istri the. Juragan istri anu kacida resepna kana soang bodas. Geus kaasup cita-cita ker ngora hayang boga imah make balong. Lain balong ker kokojayan, tapi keur lalayaran make parahu leutik. Jeung paragi ngojay soang. Cara dina film Swan Song. Enya ayeuna mah talaga malihwarni the lain ukur ngaran kalangenan juragan, tapi malihwarni jadi FO. Kanyeri kapeurih juragan karasa ku Swan, saprak Swani maot.pileuleuyan Swani. Swan jangji moal ngamomorekeun anak urang. Panonna nenjo kana cai di balong nu ririakan, kana tatangkalan nu tinggarupay, kana sasatoan nu keur karokojayan, tapi hatena teuing di mana.
Unsur Intrinsik
Tema               : Kahirupan Soang
Palaku jeung Watek      :
Swan (soang) : Nyaahan, mikacinta
Swani (soang) : Nyaahan, mikacinta
Sarwagaya Djumawadja (juragan pameget) : Nyaahan, mikacinta, berehan, bageur
Enggah Sabda : Nyaahan, bageur, berehan, mikacinta
Alur                 : Alur Maju
Setting ( Galur jeung Latar )   :
Tempat      : Di imah juragan anu agreng sigrong, dijalan, di Talaga Malihwarni, dikandang, di mobil.
Waktu       : Pasosore, pasisiang, peuting, isuk
Suasana     : handeeul, sedih, bungah
Amanat           : Harta teu jadi sagalana, teu sagala nu miboga harta teh bagja hirupna, harta teh teu salilana merekeun kabagjaan, urang oge salaku urang sunda kedah ngamumule kana budaya sunda.
Unsur Ekstrinsik
Kasang Tukang Nu nyiciptana
Aam Amilia lahir di Bandung. Mimiti nulis keur di SMP keneh. Saterusna nulis dina dua basa, basa sunda sareng basa Indonesia. Nepika ayeuna geus nulis 22 judul buku fiksi/nonfiksi, di antarana 8 buku biografi sababaraha tokoh: “Samagaha” (1969),”Asmara Ngambah Sagara” (1970), “Karena Kasih Sayangmu”(1978), “Buron”(1983), “Di Ujung Bayang-Bayang”(1989), “Bintang Panggung: Biografi Tati Saleh”(2001). Aam geus remen narima penghargaan, boh pikeun karyana dina basa Indonesia boh basa sunda. Pikeun jasana dina widang sastra budaya Aam geus narima anugerah budaya ti Walikota Bandung jeung Gubernur Jawa Barat.
Kasang Tukang Nyiptakeun Novel
Kasang Tukang Masarakat : Kondisi masarakat anu tara mikanyaah ka sato nu aya disakurilingna, aya oge anu mikanyaah ka sato kumaha sikep manusa.
Kasang tukang Pangarang : pangarang teh resep ngarang kana karangan ngeunaan sasatoan, ieu pangarang nyieun carita teh sangkan urang ge salaku manusa bisa ngarasakeun naon anu ku sato rasakeun saumpana lamun sato bisa ngomong meren sato ge ek ngomong kumaha rasana jadi sato.
Nilai nu aya dina novel : miboga nilai anu kacida hade na, dimana lamun urang maca ieu carita karaos pisan naon anu aya dina carita  teh. Dina ieu carita urang tiasa ngarasakeun kabungahan, kasedihann anu dialaman ku sato, ceunah ceuk sato “lamun urang bisa ngomong” meren sato ge dek ngedalkeun naon anu dirasakeunna.
Kaleuwihan jeung Kakurangan Buku
Kaleuwihan     : buku ieu sae pisan diaos ku sadaya yuswa, sangkan ngahudangkeun jiwa urang pikeun mikanyaah, mikadeudeuh ka sato. Basa dina ieu carita oge gampang dipahamna.
Kakurangan     : Caritana kurang loba, ngan ngawengku sababaraha judul.

Pancen Mata kuliah Teori Sastra Analisis Sajak “Aksara” Karya Rizal Sabda


Judul Sajak : Aksara
Karya : Rizal Sabda/Rizal Nazarudin
Tema : Manusa, aksara, hak jeung batil
Suasana : handeeul, bingung
Rasa : Dimana ciptakeun rasa anu karasa pisan urang salaku manusa teh kedah miboga elmu, sangkan urang bisa mikacinta jalma lianna.
Sinopsis : Manusa diciptakeun dina kaayaan bodo teu boga pangaweruh. Tapi manusa ku Allah dipasihan akal jeung pikiran anu ngabedakeun jeung mahluk lianna. Dimana manusa lamun dirina hayang bener disebut manusa berarti manusa kedah boga elmu pangaweruh anu bener. Sangkan bisa nulungan dirina jeung nu lianna nu hirup kumbuh disabudeureunana. Sangkan urang bisa jadi jalma anu simpati ka rahayat leutik/miskin, sangkan urang bisa wijaksana jeung adil, sangkan ku elmu pangaweruh eta urang tiasa ngangkat kabodoan anu nyangsarakeun. Dimana manusa anu boga elmu pangaweruh anjeunna bisa ngabedakeun hak jeung batil. Dina sajak ieu nyaritakeun ngeunaan pangaweruh, yen dirina menta pangajaran ngeunaan kabeneran, ngeunaan aksara-aksara hak jeung batil, ngeunaan aksara-aksara kahirupan. Urang menta pangajaran ka apa supaya urang bisa apal ngeunaan kahirupan, kaayaan sakuriling urang sangkan bisa jadi jalma anu adil. Urang oge menta pangajaran ka ema sangka urang bisa nyaho kana hal anu hade jeung gorengna, sarta urang bisa mere dampak anu positif, bisa ngageuingkeun urang sorangan boh batur anu salah lengkahna. Urang menta ngadoa ka Gusti Allah ngeunaan sagala kahirupan, hade gorengna ngeunaan sagala kahirupan, bodas hideungna kahirupan, sangkan urang bisa jadi jalma anu hade. Sangkan urang dipasihan kahirupan anu hade, sangkan urang bisa sabar ngahareupan sagala kasusah di ieu dunya. Sangkan urang the bisa jadi jalma anu ngarti kusabab uraang diajar jeung menta pangaweruh ka Gusti Allah jeung sepuh urang.
Kasang tukang nu nyiptana : Rizal Sabda/Rizal Nazarudin lahir di Purwakarta. Alumni jurusan Pendidikan Basa Daerah (sunda) UPI Bandung, entragan 2002. Kungsi aktip di sababaraha komunitas sastra jeung teater. Sajak-sajakna kungsi dimuat dina tabloid Galura, majalah Mangle, majalah Cupumanik jeung Koran sunda. Salah sahiji sajakna “Ngajagi Diri” jadi pinunjul kahiji hadiah Sastra LBSS taun 2006. Rizal oge kungsi jadi pupuhu teater Lakon Bandung.
Amanat : Dina sajak anu judulna aksara karya Rizal Sabda/Rizal Nazarudin miboga amanat anu kacida hade na. Nya eta dimana urang salaku manusa teh kedah miboga elmu pangaweruh anu hade, sangkan tina elmu eta urang tiasa ngabedakeun mana hak jeung batil. Dimana supaya urang hirup teu salah jalan, teu poek emutan. Sangkan elmu pangaweruh eta urang tiasa adil, sangkan tiasa ngalakukeun sagala hal kahadean.

Pancen Mata Kuliah Teori Sastra Analisis Drama “Juragan Hajat” Karya Kang Ibing


         
Judul: Juragan Hajat
Karya: Kang Ibing
Tema: Komedi
Alur: maju
Tokoh: Icih, Kemed, Ocim, Dole, Inoh, Uneh, Uje, Encuy, Iroh, Lebe, Pudin, Juragan Istri, Juragan pameget, Ijem, Toyib.
Watek: Icih (pamajikan si Kemed): galak, sengar-sengor
Kemed: sok ngalawak, malesan,
Ocim: pantang menyerah
Dole: sok ngalawak
Inoh: centil
Uneh: galak, sengar-sengor, wanian ka nu jadi salaki, timburuan
Uje: tukang salingkuh, sok ngabohong
Encuy: sopan, bageur
Iroh: linglung, pohoan
Lebe: kurang denge, bageur
Pudin: ceuleupeung, pikagugueun
Juragan istri: bageur, perhatian
Juragan pameget: rewel
Ijem: tukang ngabodor
Toyib: tukang ngabodor
Sinopsis drama: Kacaritakeun aya salaki jeung pamajikan nu ngaranna Kemod jeung Icih. Anjeunna duaan teh keur bingung kumaha carana kenging artos pikeun mayar hutang sarta sakola anakna nu ngaranna Otong. Keur bingung kitu aya wae nu pikeuheuleun teh, cul datang si Ocim mamawa entog dek dijual da butuheun duit pikeun mayar sakola anakna. Kaayaan kulawarga eta teh sarba kakurangan/ jalma susah. Tas kitu jol asup deui nu rek mere undangan nya eta si Dole. Aya deui salaki jeung pamajikan eta mah salakina tukang dagang peuyeum anu nyalingkuh ka awewe sejen, da kapanggihan ku tatanggana dagang peuyeum sabari mawa ulin awewe sejen. Ieu drama komedi, anu nyaritakeun masarakat nu rek pamilihan kapala daerah (pilkada) di hiji palemburan nu ngaranna Ranca Oa, tapi dina ieu drama henteu nyindir unsur politis atawa kabijakan saha wae. Dina ieu drama ditepikeun sindiran seukeut, tapi disamunikeun dina banyolan sunda anu nyieun nyeri kulit beuteung. Dialog-dialog dina drama komedi ieu teh pikagugueun, nya eta masarakat leutik kajebak dina kasusahan jeung kabodoan, tapi kagorengan nasib ieu teh dibungkus dina humor, nu ngajadikeun nu nempo teh seserian wae. Tapi tidinya urang bisa ngahuleungkeun sakedap sakumaha karunyana ka masarakat leutik eta. Tapi dibalik kalucuan humor sajatina mah nyengserikeun urang-urang keneh salaku manusa.
Bahasa: bahasa anu digunakeun dina ieu drama nya eta basa sunda, basana gampang dipikahartos tapi rada kasar, ngandung unsur humor
Amanat: urang kedah jadi jalma anu miboga elmu pangaweruh sangkan henteu jadi jalma anu bodo sangkan teu kajebak dina kasusahan hirup kusabab kabodoan urang.

Sajak Cicing

KOSONG Cicing ...   Éta bisa dikubur loba kecap   Lemut rébuan rasa Tahan pangjurung pinta   Nu baheulana hoyong wangsit sacara ...